Aisan Indung


 Voc : Dadeng / Risma Liani

kasih ibu

Ridho pangampura Gusti, ayana ridho ti Indung Bapa

Sujud syukur ka Gustina , punjung Indung nu lami ngakandung

Ku kersa mantenna gubrag ka alam dunya

Lahir na lahunan indung Bapa

    #    Diri diaping dijaring, diapit ditalingakeun

Raga dijaga diriksa, dirawat dipulasara

Karasa asihna, karasa nya’ahna,

karasa bagjana nu dibikeun

 aisan asihna moal rek leupas ku mangsa

hamo arek kasilih wanci

aisan asihna moal rek pegat ku jaga

manjang manteng hamo teu kahalang

reff : Gusti Kedah kumaha abdi, mulangkeun aisan asih nu indung

Gusti kedah kumaha abdi, nu teu daya jeung nu teu upaya

 ya Alloh pikaasih aranjeunna sapertos miasih abdi taya pegatna 2x

(uih deui ka #)

Tinggalkan komentar